NINI-NINI MALARAT JEUNG DELEG (GABUS) KASAATAN[1]

Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten, papakéanana geus butut sarta laip, disampingna ogé, ngan ukur bisa nutupan orat.  Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah datang ka potpisan sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai wungkul.  Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung geus henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang tanagana.  Jadi kahirupanana taya deui ngan tina ngaroroték baé dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari beubeunanganana dipaké nukeuran béas atawa cangkaruk ka tatanggana.

 

Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna, kitu ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan, anu daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning nunggul pinang.

 

Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka gusti Alah, ulahbon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu apal, pangrasana ieu bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu midamel.

 

Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih-manggih dadaharan, sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré.

 

Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, “Aduh, cilaka teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.

 

Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték deui ka tegal, bari sugan manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba ulah langlayeuseun teuing.  Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal kaso urut nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui nyandingkeun walungan gedé.  Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-pirang, rék pindah tina walungan kana talaga.  Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta tegal kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi deleg kabéh awakna taluhur kukumurna, ku tina seuseut datang ka henteu bisa maju leumpangna.  Kusabab éta deleg kabéh pada nyandang susah tanwandé manggih bilahi paéh kasaatan.

 

Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu.  Tapi manéhna héran neuleu aya hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé pangheulana, kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, “Samiun Alah kuring neda hujan!  Samiun Alah kuring neda hujan!”  Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur.  Ari ku nini-nini téh didéngékeun baé saomong-omongna éta deleg téh, hayang nyaho kumaha kajadianana.  Barang geus kira-kira satengah jam lilana datang hujan gedé naker wani cileungcangan, ti dinya éta deleg barisaeun deui leumpang tuluy kebat lumakuna, ari nini-nini téh datang ka ngadégdég awakna tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang bawa.

 

Kacaritakeun éta nininini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari ngomong di jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Alah téh, meureun di paparin, ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan bédana aing  mah rék neda uwang.

 

Ti dinya éta nininini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan ka luhur nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Samiun Alah kuring neda uwang! Samiun Alah kuring neda uwang!” Kitu baé omongna teu eureun jeung pikirna anték kacida panedana ka gusti Alah, datang ka geus teu aya pikiran deui ka nu séjén.

 

Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nininini téh, banget ngéwaeunana, ku sabab gandéng jeung bosen, saunggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna éta nininini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka nininini téh pokna, “Nini! Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh deui kasab, moal enya Alah téh sumping ka dieu, seba duit ka manéh; jeung kitu baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka leuweung meureun aya hasilna; jeung deui; lamun manéh henteu beunang di carék, geura undur baé imah manéh ulah ditangkodkeun ka imah aing.

 

Panyentakna éta nu boga imah ku nininini henteu digugu, tonggoy baé ngomong nyuhunkeun duit ka Alah anggur beuki tambah maksudna.

 

Bareng geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh, beuki kacida garétékeunana, henteu beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los. Ti dinya éta jalma tuluy nyokot karung goni beunang ngeusian ku beling, datang ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel ambih beurat, niatna rék dipaké ngabobodo ka nini-nini téa, sina di nyanaan duit paparin Alah ragrag ti luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang tonggongna, ku éta karung ambih kapok moal ngomong kitu-kitu deui.

 

Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para, tuluy diponcorkeun tina sipandak ditindihkeun ka handap mener kana tonggongna nininini téh kalengger tina bawaning nyeri. Ana geus inget, nénjo aya karung ngadungkuk kacida atoheunnana, panyanana nya éta karung duit, paparin ti Alah.

 

Anu boga imah téh suka seuri nénjo kalakuan nini dug-dug deg-deg, semu banget atohna. Geus kataksir piengkéeunana bakal meunang éra kabobodo, karana nu dikarungan téh tétéla pisan yén beling.

 

Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun Alah! Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur ajengan, aya kénéh nun?” Ti dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana nu agung, dumadakan éta beling kabéh jadi duit, aya uwang emas aya uwang pérak, jeung deui kumaha gedéna baé aya nu jadi ringgit, aya nu jadi ukon.

 

Ari isukna tatangga kabéh daratang ngadegdeg, yén éta nini-nini meunang bagja boga duit pirang-pirang, asal tina dibobodo, malah kapala distrik sumping ka dinya ngalayad, sarta tuluy dilaporkeun ka nagara jeung ditétélakeun asal purwana. Ari timbalan ti nagara, éta nini-nini henteu kaidinan cicing di kampung, bisi aya nu nganiaya dipaling duitna, jeung diurus dipangmeulikeun lembur imah, katut eusina. Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu kinten-kinten.

 

Kitu deui dipikanyaah ku menak-menak tina saregep kumawulana jeung tambah alus budina, kalulutan ku jalma réa sobatna, tina suka tulung  ka jalma-jalma nu miskin, sumawonna ka nu keur kasusahan, margi ngaraskeun kadirina basa keur malarat kénéh.

 

Kacaritakeun éta jalma, anu méré karung beling téa, kabitaeun naker neuleu éta nini-nini téa jadi beunghar, lantaran dibobodo karung beling ku manéhna.  Geus kitu boga niat hayang nurutan.

 

Ti dinya tuluy nganjang, sejana rék badami, supaya dibales ku éta nini-nini téa sina nindih ku karung beling ka manéhna, pokna, “Nini saterangna éta duit téh asalna beling beunang kula ngarungan, dipaké ngabobodo ka sampéan, kusabab satadina kaula giruk ngadéngékeun ajengan ngomong baé nyuhunkeun duit ka Alah, tatapi ahir-ahir éta beling dumadakan wet jadi duit kabéh.  Ku prakara éta ayeuna kaula rék neda dibales ku sampéan, hayang ditinggang ku karung beling, karana tanwandé jadi duit ogé cara nu geus kalampahan, tatapi kaula mah hayang ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeuh kaula leuwih beunghar manan nini.  Wangsul nini téh, “Hadé heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”.  Ti dinya éta jalma téh tuluy balik, sadatang ka imahna heug baé tapakur nurutan sakumaha polahna nini-nini téa sarta ngomong, pokna, “Samiun Alah kuring neda uwang! Samiun Alah kuring neda uwang!”  Kitu baé omongna jeung pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal meunang duit ti Alah dua karung goni parinuh.  Bareng geus nepi ka lima poéna, nini-nini téh tuluy ka imahna éta jalma nu keur tapakur téa, bari mawa dua karung beling beunang méprékan, sarta tuluy dibawa naék nka para, ti dinya heug éta dua karunganana ditindihkeun kana tonggongna.

 

Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan malah-malah tulang tonggongna datang kapotong.

 

Arina inget ngageuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug karung téh dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong nurutan cara omong nini-nini téa, pokna, “Nuhun Alah! Nuhun! Naha maparin duit réa-réa teuing, mana ari keur ajengan?  Aya deui?”

 

Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé henteu daékeun jadi duit, ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka ngalembah rék ceurik tina bawaning aral, ség baé bijil omongna suaban ngahina ka gusti Alah pokna, “Ih naha Alah téh wét pilih kasih, dipangnyieunkeun duit sawaréh? Ari kaula henteu? Jeung deui: kumaha naha atawa Alah téh geus diganti deui tayohna, da nu baréto mah bisa nyieun duit ku beling, ari Alah nu jeneng ayeuna tayoh-tayoh henteu bisaeun?

 

Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng, tatamba kapirang-pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Alah bisa cageur ogé, tatapi tanpadaksa, jadi bongkok tonggongna, datang ka henteu kuat nyiar kahirupan rosa-rosa, lawas-lawas manéhna jadi malarat cara nininini téa, kawas-kawas jadi tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa.



[1] Nyutat ti Majalah Walanda,  TIJDSCHRIFT voor INDISCHE  TAAL, LAND EN VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872.  Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A. UILKENS, mangrupa  carita ra’yat urang Ciamis.

Aing Djago[1]

Aing Djago[1]

Ku: S.A. Hikmat[2]

 

,,Tah dada aing” Sorana mani handaruan. Kurang-kurangna teger mah nu ngadenge matak baseuh tjalana. Song dada rubakna nu buluan diasongkeun. Sorot panonna nu buringhas siga tembus kana hulu angen musuhna. Njaliara ka sakudjur awak nu keur disanghareupan. Unggal rindat, usik djeung kereteg musuhna geus kaukur. Moal kapiheulaan babar manehna mah. ,,Hajoh dia ulah ngadjedog bae.”

Si Gomar anu geus kasohor djago di daerah Tjibaliung, hatena rada hemar-hemir. Asa kakara manggih lawan anu teuneung ludeung asup ka daerahna. Sanadjan manehna geus njaho kana ngaranna oge, ari adu hareupan mah kakara, da di dunja kadjawaraan di sakuliah Banten mah teu aja nu bireuk atuh ka si Djago the. Djago-djago di Labuan, Menes, Rangkas, Cilegon, Pandeglang geus teter. Kabeh dipatjundang. Karek ku haok djeung polototna bae ge geus rea nu taluk. Komo ieu bari diparag ku si Djago djeung baladna saperti ajeuna mah.

Kareret ku djuru panon Si Gomar, balad-balad[3] manehna sorangan bangun nu leungit pangatjian. Renghap manehna narik napas pandjang, tajohna ngumpulkeun heula tanaga djeung pangatjian.

,,Djadi asal idjen!” djawab Si Gomar neger-negerkeun maneh. Hatena mah teu wudu dag diug dug. Srog madju ka hareup. Bedog Tjiomasna meh ngangsar kana taneuh. Geulang bahar meulit dina pigeulang duanana. Dua djago geus adu hareupan. Nu saurang awak badag sembada, nu saurang deui djangkung leutik.

Njeh Si Djago njerengeh semu nu ngahoa. Pikirna sageprak oge Si Gomar moal teu rubuh.

,,Heeet” Si Djago ngagigila musuhna. Dina kalangan pentja di Banten mah sora ieu teh pikeun mere peringetan. Musuh kudu iatna sabab gorowok kieu the biasana disusul ku panaradjang kilat nu bahja. Tapi da lain djawara sakatiga atuh si Gomar oge. Nangtungna masing angger tagen. Teu seber ku geretak nu matak katorekan. Manehna tetep ngadago gerakna musuhna. Tapi nu didago lebeng.

Ana barakatak the Si Djago ngagakgak ,,Heuh, heuh, heuh,” matak muringkak bulu punduk. ,,Heuh heuheuh, bener djago dia, njah! Deungeun-deungeun mah karek dihetkeun geh geus bidjil kokoneng.”

Rej beungeut Si Gomar beureum. Hatena ngentab panas. Leungit sagala kagimir. Ajeuna paeh isuk paeh. La haula wa la kuwata, tjeuk hatena njambat. Teuing ka saha. Ngan nu dipeleng ku mengingetna mah, guruna, nu nurunkeun sagala elmu pentja djeung kawedukan.

,,Hajoh dia madju”. Ragamang Si Djago rek ngarawel beuheung Si Gomar. Ieu pisan nu diarep-arep[4] ku Si Gomar ge. Antara sasenti deui ngagilek, leungeun musuh digiwarkeun kaluar. Tapi…. Meh wae manehna kaleungitan kasaimbangan badanna. Da leungeun Si Djago sakilat: ,,leungit”. Sihoreng eta gerak tipu. Geuwat manehna menerkeun deui tangtunganana.

,,Heuh, heuh heuh” Si Djago Tjeutjeuleukeuteukan. Seuri nu karasana asa balati nurih angen Si Gomar. Saumur dumelah, karek ajeuna dipojok djeung digeuhgeujkeun dina kalang, mangkaning di lembur sorangan deuih. Renghap deui narik napas. Huntuna kekerot. Napsuna mimiti ngagudag-gudag. Gorowok manehna nantang. ,,Hajoh dia djago, madju Setan ……….”.

Djep nu njeungseurikeun djempe. Rej beungeut Si Djago beureum. Biwirna mani ngawet, dadana beuki didjeberkeun. Panonna molotot bangun anu rek ngalegleg.

,,Disakalikeun dia ku aing ajeuna mah, moal diomberan,” gerentesna. Sebrut peureup katuhuna nu sagede tjengkir ngahiuk. Djleng Si Gomar luntjat ka katuhueun musuhna, bari nepak siku Si Djago ku leungeun kentja, bareng djeung suku katuhuna nedjeh palangkakan. Mun nu sedjen mah dina tangtung kitu teh geus pasti beunang mamatihna.

Tapi Si Djago nu kakontjara maher pentjana, ngan ukur djero sasekon geus bisa ngomean tangtungna. Sret narik leungeunna nu milepas, disikukeun bari ngarengkogkeun awakna. Tulang siku diadu djeung tuur Si Gomar. Ngan sakilat duanana geus pada menerkeun deui tangtungna. Sadjongdjonan papelong-pelong[5]. Napasna ngaharegak. Sebrut deui Si Djago ngaheumbatkeun peureup katuhuna. Tapi harita keneh ditjentok deui bari ngagilirkeun awakna ka katuhu. Atuh Si Gomar nu rek ngadua kalian mitjeun panaradjang musuhna kawas tadi teh, ajeuna kapalingan tangtung. Karek ge djleng ka katuhu geus dipapag manten ku peureup Si Djago nu ditudjukeun kana beungeutna. Gerak refleks Si Gomar teu kendor, lep manehna ngelok, brek pasang depok. Peureup kentja Si Djago ngahiuk mani bangbaraan milepas luhureun sirah musuhna. Kapaksa Si Djago ngalengkah ka hareup pikeun mere kasaimbangan tangtungna nu lontjer. Tapi karek ge tjlek sukuna kana taneuh, geprak suku Si Gomar ngagunting. Riek awak Si Djago njanggejeng. Arek dibeubeutkeun pisan, gewewek ngaranggeum buuk Si Gomar. Nu laladjo mongkek napas. Gurindjal, djleng Si Gomar luntjat heula. Geutih ngarej kana tarangna. Serepet bedogna dilugas. Gurilap-gurilap[6] katodjo panon poe.

Si Djago, da beurat ku awak, teu kaburu nangtung. Kapaksa manehna ulin di handap, pikeun nahan panaradjang Si Gomar. Seak sora bedog ngahiuk njabet beuheungna. Gilek Si Djago ngagilek bari ngadepong, djekres sukuna ngagunting musuhna. Tapi Si Gomar rikat pisan ngadjleng.

Djleng ka kentja, ketjek suku Si Djago dikadek, tapi poos digiwarkeun, bles bedogna nantjeb kana taneuh. Si Gomar dina sikep nu nguntungkeun, terus njehtjer musuhna ………………. Djlung-djleng ka kentja ka katuhu bari njabet-njabetkeun[7] bedogna. Si Djago napasna geus mimiti ngahegak. Manehna kapaksa ngalawan musuhna ku karikatan sukuna wungkul. Kaajaanana matak pikahariwangeun.

,,Tah, Ka ………. !” Salah saurang balad Si Djago ngagorowok. Belewer aja nu ngalajang luhureun sirah Si Djago, manehna ngagilek bari njanggap bedog musuhna ku siku-siku.

Belentrang wadja pada wadja diadu, bareng djeung ngagoakna Si Gomar. Pluk bedogna murag tina leungeunna. Sadjongdjongan ngadjengdjen, bru nu rubuh bari sesegor, Si Gomar palastra-satria tengahing kalang. Aja nu djail ti luareun kalang!

Si Djago nu masih ngadepong bari ngahegak, olohok nendjo musuhna teu puguh-puguh[8] rubuh. Djung manehna nangtung lalaunan. Breh katendjo aja peso nantjeb dina tonggong Si Gomar. Barakatak manehna seuri. Geus biasa da, samangsa-mangsa manehna kapeped dina tarung, geus tangtu aja pakarang ,,rasiah” nu digunakeun ku baladna. Bubuhan rea pembela-pembela[9] njiliwuri djeung mopoek, maledog balati ka musuhna, ti luareun kalang. Tapi nu sohor mah tetep Si Djago bae.

,,Heuh ……… heuh ……… heuh !” bari njampeurkeun musuhna. Djeprot disepak, ketjoh ditjiduhan, bari ngahaok : ,,Hajoh dak, randjah imah-imahna[10].” Si Djago mere komando bari ludjag-ledjeg, siga nu heueuh unggul ku djalan beresih. ,,Tjalukan djarona ka dieu. Kumpulkeun djalma-djalma[11] kabeh.”

Teu kungsi saparapat djam, awewe-lalaki geus kumpul naragog hareupeun Si Djago, bangun miris.

,,Mana djarona dak?” ,,Ieu jeuh Ka,” salasaurang baladna ngagorowok bari njuntrungkeun djaro (lurah).

,,Saha ngaran dia, hah?”

,,Badi” djawabna bari ngadegdeg.

Sanadjan manehna urut djawara oge, ari njanghareupan Si Djago mah keder. Hatena ratug tutunggulan.

,,Mimiti poe ieu dia dipotjot ku aing. Bagus keneh dia teu di podaran ge.” Ret panonna nitenan wanita-wanita[12] nu naragog.

,,Tah nu ieu, nu ieu, tuh nu itu, itu” bari nundjukan awewe nu taregep. ,,Djang aing eta mah. Ulah aja nu wani!”

Si Djago nu geus nalukkeun djawara-djawara di unggal kabupaten, katjamatan djeung desa, ngaranna beuki sohor bae. Beuki gede pangaruhna djeung loba pakajana, beuki matjeuh sarakahna, ngagalaksak ka rajat.

Angen-angen-na[13]mah hajang bisa nalukkeun kabeh djago di sakuliah Banten, ti Udjung Kulon nepi ka Djampang Kulon. Ngaranna beuki dipikagimir bae, atuh beuki sombong, adatna mahiwal ti batur. Sagala kahajangna teu meunang dipungpang, utjapna hajang digugu bae. Lamun tjarekna : ,,Tjokot awewe itu!” djeun teuing pamadjikan batur, hih kudu wae digugu. Dibantah saeutik ge make kolu ngadek. Tapi ana geus njaah ka djelema, babakuna nu bisa ngadjilat, wah taja dunja kinasihan. Bro-broan, ka awewe mah. Sakalina mahugi oge tara diitung deui, sok imahna, sawahna, kebonna, lengkep djeung ingon-ingonna[14]. Tapi lamun seug kahajangna dihalang-halang. Beu, mani kawas nu ngadadak owah. Murang-maring, djubras-djebris hahaok djeung sesentak babanting bari meupeus keujang, tapi baladna geus teu helok deui. Lamun gegedugna keur ,,motah” tjara nu kasurupan teh, osok song we diasongan awewe geulis ngadadak lindeuk, bari latam-letem tjara embe badot ngadeuleu Si Bikang. Pajus disebut kolot-kolot[15] kokorobet teh, da umur Si Djago teh geus kawilang kolot. Kitu lah kira-kira[16] 65 taun. TapiI kalakuanna ka wanita mah tara ieuh eleh ku nu ngarora, mun teu rek disebut leuwih gembul teh. Madjar teh, ,,meungpeung aing kawasa, sagala lubak-libuk.” Numatak Si Djago hirupna beuki kolot teh beuki mangprung. Tunggul dirarud tjatang dirumpak. Djadjauheun kana babalik pikir teh. Ari pamadjikan salawasna opat. Nu resmina kitu soteh. Ari ka saha-saha[17] ngakuna mah Islam. Tapi Islamna ngan lebah njandung wungkul. Deugeulna (kepala batu) alahbatan budak halabhab. Rarasaanana ,,aing pang benerna sorangan”; batur mah kabeh ge salah! Aing kudu digugu!

Dina hidji poe sore-sore[18] Si Djago diriung-riung ku baladna nu raket pisan. Manehna ngabaheuhaj dina korsi males. Di kamar istimewa paranti leleson djeung sukan-sukan[19]. Gigireunana dua modjang nu barahenol tarapak deku bari mareuseulan bitisna. Saurang deui modjang keur njiaran njabutan huisna, da hajang tetep siga ngora, magar teh.

,,Daak, Daak, ……….! Sora Si Djago ngagerem. Panonna peureum beunta. ,,Kumaha Si Deugeul, djaro Mandalawangi tea geus dipotjot?”Djempling taja nu ngadjawab.

,,Pan euweuh nu njoara? Hajeh ngomong dararia!”

,,Ehm ….. Ehm …..” Si Patrik anak emasna Si Djago ngadehem.

,,Teu atjan Ka.”

,,Hah…….. ku naon?”

,,Eta…… eh…….. dihalang-halang ku anakna.”

,,Anakna? Djawara kitu?”

,,Sanes. Dja budak keneh, malah bedjana mah sakola keneh.”

,,Bating! Kapan ku budak bae bisa dihalangan. Naon daria geus djaradi bikang kitu?”

Kuniang Si Djago hudang. Bari molotot, manehna ngagorowok: ,,Mana Si Gada nu diparentah ku aing ngaganti Si Deugeul?”

,,Tatjan dongkap Ka, di Mandalawangi keneh.”

,,Hajoh teang kaditu. Heran aing mah, boga balad ketjing kitu.”


,,Pan aing nu ngagadjih daria unggal poe. Aing nu maraban daria isuk-sore. Aing nu mere pipamadjikaneun ka daria. Tjoba hajang njaho, saha nu adil djeung bageur tjara aing? Moal aja sadunja geh. Aing nu pangdjagona, aing nu pangbageurna……”

Sabot kitu di luar aja sora ribut-ribut[20]. Djelema tinggorowok, tingdjarerit mani ajeuh-ajeuhan.

,,Naon tah?” Si Djago tjuringhak. ,,Saha nu wani ribut-ribut[21] di imah aing? Kurang adjar……..”.

Tjan oge anggeus ngomongna, ana berejek tej djelema-djelema[22] ti luar arasup. Panto didjedjek parabot diubrak-abrik. Bru-bro barang petjah-belah kawas dibanting-bantingkeun. Blak panto kamar Si Djago muka, aja nu nedjeh. Sampojong-sampojong aja djelema asup. Badjuna ruwak-rawek, beungeutna pinuh ku getih. Bru rubuh hareupeun Si Djago. Blus tilu djadjaka arasup. Narangtung adjeg, tapi sikepna sajaga. Pasemonna leber wawanen.

,,Tah…… Djago……! Balad andika Si Gada nu rek ngaganti Djaro Deugeul!!” tjeuk salah saurang djadjaka. Ngomongna ajem teu aja sari-sari kasima, komo gimir mah. Bangun jakin ka diri pribadi.

,,Haramjadah….” Si Djago ngagorowok. Ambekanana ngahegak panonna buntjelik. ,,Saha dia hah? Deuk ngadjagoan hareupeun aing! Budak olol leho, hajoh ngomong, bisi hajang dipekprek hulu dia ku aing. Saha ngaran dia?”

,,Kula” djawab pamingpin djadjaka-djadjaka tea, ,,Ti Mandalawangi. Katelah mah Pakih.”

,,Pakih? Tjan ngadenge ngaran kitu mah. Anak saha dia hah?”

,,Kula anak Djaro Deugeul nu ku andika deuk dipotjot. Kula sabatur-batur ngahadja datang ka dieu deuk mere peringetan ka andika………..”

,,Peringetan……..? Aing deuk diingetan ku pantaran kitu? Budak bau djaringao? Heuh, heuh, heuh, heuh……”

Belewer aja nu ngalajang luhureun sirah Si Djago. Tjleb peso balati nantjeb kana panto tukangeunana. Manehna ngarendjag tuluj malik. Sabot malik serepet aja nu ngagaris kana leungeun badjuna. Rikat manehna njingtjet. Tjleb deui peso balati nu kadua nantjeb dina kosen panto.

,,Bangsat dia, nangtang gelut ka aing?” bari nepakan dadana. Si Djago sosoak: ,,Jeuh aing Djago. Aing nu kawasa, aing nu ngereh sakuliah Banten. Dararia mah tjatjing tjau! Budak olo-leho, tjan njaho di nu djagoan. Aing nu geus loba pangalaman, aing nu geus seubeuh mandi geutih, aing…………….”

,,Ngadjedog ulah loba pidato andika!” tjeuk Pakih tetep ajem. ,,Geus bosen kami mah. Tembongkeun ajeuna kadjagoan andika. Geus datang mangsana andika ngeureunan sagala kadjahatan, kadoliman djeung kasarakahan. Rajat laleutik geus teu sabar deui digarong pakajana, dirampas anak-pamadjikanana ku andika djeung balad andika. Meudjeuhna ajeuna andika tobat ka Pangeran djeung sumpah hareupeun batur-batur[23] kami, jen moal deui-deui[24] ngaruksak kaum wanita…….”

,,Heuh, heuh, heuh. Deuk njingsieunan dia ka aing? Heuh, heuh, heuh. Dak, dak! Deleh ku daria ieu tjatjing-tjatjing[25] tjau, deuk maraksa ka aing kudu taluk? Heuh, heuh, heuh….”

Borobot djandela aja nu naradjang. Putjunghul sirah barudak narolol. Belewer-belewer batu sagede-gede kaletji merekpek sirah djeung beungeut Si Djago. Manehna pakupis nakis, hut-het, djlung-djleng, tapi atuda murubut datangna, sanadjan maher pentja, teu burung baluntjunur tarang djeung sirahna.

Ambek njedek tanaga midek. Tungtungna mah ngadjendjen weh.

,,Eureun!” Pakih mere komando ka anak buahna. ,,Hajoh Djago kumaha karep andika ajeuna? Sanggup sumpah? Sanggup ngeureunan sagala kadjahatan djeung kadoliman? Atawa hajang digorok andika ku anak buah kami?”

,,Eh… eh… eh… Nanaonan ieu kasep. Kapan Mamang ti baheula geh tukang ngurus djelema leutik. Njaah, deudeuh ka pakir-miskin. Teu rumasa Mamang mah. Demi Allah daek paeh kasarad, tilok ngabinasa ka sasama manusa. Hiih haram geh hukumna ……”

,,Ari eta andika sok ngarusak kaom wanita. Tjruk-tjrek kawin ka ditu ka dieu, djaba ngundeur. Pakaja batur dirampas, njawana dipegatkeun.”

,,Masja Allah, pitenah eta mah. Pitenah kasep, ulah sok dipertjaja. Mamang nu ngarondjatkeun harkat kaom wanita mah. Mamang nu geus korban melaan rakjat djembel. Sing pertjaja ka Mamang. Ulah kaosol ku batur Sep. Maranehna mah sirikeun ka urang…” djawabna neger-negerkeun maneh. Tapi dina hatena mah njeungseurikeun. Lah pilakadar bebenjit kamari ieu. Njaho ge moal urusan kolot.

Ari eta, pamadjikan andika nu ngarora, kapan pantesna mah djadi intju. Kabeh meunang papaksa. Lain ngaruksak wanita ari kitu?”

,,Aih, aih kasep. Eta mah amal soleh, Mamang mah sosial ka saha-saha oge.”

Tajohna mah batur-batur[26] Pakih geus teu sabar; djlung-djleng laluntjatan tina djandela. Rob ngalingkung Si Djago bari tinggorowok djeung mesat bedog. ,,Gebruskeun bae ka Tjiliman! Tarandjangan, urang arak ka kota. Bui, bui, asupkeun ka pangbuian….gebugan heula!”

,, Stop dak!” Pakih mere komando.

Djep djempling. Sanadjan ngarora keneh oge, ari kana disiplin mah njaraho. Nurut ka pamingpin.

Srog Pakih madju bari ngomong : ,,Ieuh, Djago, bisi teu njaho batur-batur[27] andika kabeh geus ditewakan ku anak buah kami djeung ku rajat. Digarebugan patingdjaropak. Kari andika ulon-ulonna. Bisi panasaran hajang ngalawan, pek andika kari meta. Arek silih kadek ku bedog, arek silih tewek ku peso, kami teu sieun.

Harta banda maneh nu asal meunang ngarampas sarta diaraku ku nu bogana, ku kami dipulang-pulangkeun ka nu boga milik. Boh nu aja di andika, di pamadjikan andika, di anak, di baraja, anu tetela meunang teu halal mah, kabeh dipulangkeun ka nu bogana.

Bisi teu njaho, rajat Tjibaliung ajeuna geus beunta, geus hudang, geus samiuk, kabeh idjideun, ambekeun ka andika. Lamun ajeuna ku kami dihutjuhkeun, moal kungsi lima menit andika djadi bangke! Ngarti?”

Lamun andika hajang salamet pandjang umur, ajeuna keneh talak pamadjikan andika opatanana, sina mulang ka salaki-salakina nu bareto. Andika pribadi memeh surup mata poe kudu geus indit ninggalkeun Banten. Hade tetep matuh di Banten, tapi kudu tarima hulu andika misah tina awak.”

,,Gorowok ti luar rame : ,,Peuntjit bae ajeuna! Peuntjiiiit!”

Si Djago anu sok susumbar-gumagah teh, harita mani ,,peot” bawaning ku sieun. Ngolesed tina korsi males bari njembah atjong-atjongan, menta hirup.

,,Haju urang tinggalkeun” Tjeuk Pakih ,,Kateuteuari ngalajanan nu burung…..”.

***



[1]Ieu Carpon dimuat dina buku kumpulan opat Carpon pilihan dijudulan Aing Jago, diterbitkeun ku penerbit Mandalawangi Bandung taun 1967.

[2] Subur Abdurrahman Hikmat (Pandeglang 16 Pebrurai 1918 - Bandung 10 April 1971), tentara, usahawan, ulama, pangarang. Lulusan MULO, buku kumpulan Carpon Aing Jago, sasarengan sareng Ki Umbara ngarang buku Pahlawan-pahlawan ti Pasantren, salah saurang inisiator ngadegkeun PPSS (Paguyuban Pangarang Sastra Sunda).

[3] Aslina ditulis balad2

[4] Aslina ditulis di-arep2

[5] Aslina ditulis pa-pelong2

[6] Aslina ditulis Gurilap2

[7] Aslina ditulis njabet2keun

[8] Aslina ditulis puguh2

[9] Aslina ditulis pembela2

[10] Aslina ditulis imah2na

[11] Aslina ditulis jalma2

[12] Aslina ditulis wanita2

[13] Aslina ditulis Angen2-na

[14] Aslina ditulis ingon2na

[15] Aslina ditulis kolot2

[16] Aslina ditulis kira2

[17] Aslina ditulis saha2

[18] Aslina ditulis sore2

[19] Aslina ditulis sukan2

[20] Aslina ditulis ribut2

[21] Aslina ditulis ribut2

[22] Aslina ditulis djelema2

[23] Aslina ditulis batur2

[24] Aslina ditulis deui2

[25] Aslina ditulis tjatjing2

[26] Aslina ditulis batur2

[27] Aslina ditulis batur2

Hello world!

Welcome to your new blog. This is your first post. Edit or delete it, then start blogging!

An email has been sent to you giving you details of how to log in to the administration section. From there you can change the design by clicking on the tab MANAGE and then click on the tab THEMES. If you have any questions, ask them in the forums — we are only too willing to help.